Senin, 18 Desember 2017

Carpon bahasa sunda tentang keluarga

"Kanyaah Nu Jadi Kolot"
Ngahuleng kosong netep ka balong,si bulu soca lentik nyorangan dikorsi sisi balong. Bari sakakali nginget-nginget kajadian nu kamari kantos kaalaman. Dimana sadaya rerencanganna nyarandak rapot dibantun ku orang tuana,tapi Wulan ngarasa sedih sabab orang tuana teu aya pas Wulan dibagi rapot. Hatena sirik ninggal rerencanganna dibangga-banggakeun ku kolotna. Ti mimiti nilai alit dugi ka nilai ageung,sadayana dikoreksi. Wulan ngan tiasa tungkul ka handap teu netep lurus ka hareup. Cita-citana salami ieu teu aya gunana,padahal semester ayeuna Wulan lebeut juara ka 2. Nu ku Wulan harepkeun ibu sareng bapana aya di gigir Wulan bari nasehatan jeung nyemangatan Wulan.
Wulan,si gadis bulu soca lentik eta lahir ti keluarga nu mapan tiasa kacukupan sadidinteunna.Bapana nu janten Lurah didesa eta,oge ibuna nu janten Bidan di desa eta. Ibu sareng bapana sibuk ngurus padamelanna masing-masing. Salami ieu Wulan leuwih sering di didik ku bi Narti,pembantu ti keluarga eta.Tapi sanajan Wulan hirup dina kaayaan mewah,Wulan ngarasa kirang perhatian ti ibu sareng bapana.
saprak ibu sareng bapana saribuk,Wulan jadi lewih sering ngahuleung,nyorangan,jeung males diajar,hilap ka patuangan.Wulan emang butuh sagala kabutuhan ekonomi,tapi nu ku Wulan butuhkeun ayeuna ngan kanyaah ti ibu ramana. Sanajan bapana tos masihan fasilitas,ti mimiti laptop,hp,jeung barang mewah lainna,tapi Wulan ngarasa kasepian.
"Ibu angkat hela nya lan,kade diajar sing leres" pok ibuna saengges sarapan. Nu diajak ngobrol ngan saukur ngunggek bari tuluy salam nyium pipi ibuna.Wulan ngan tiasa ngobrol sareng ibuna tiap enjing - enjing eta ge bari sarapan. Leos weh ibuna Wulan ka kantor Bidanna.
Saentos kitu,tuluy disusul ku bapana Wulan,nu sami bade angkat ka kantor Kalurahan.Wulan ngan tiasa seri mandang soca bapana. Aya rasa sono kapancar ti soca Wulan ka bapana. Wulan sono ngobrol sareng bapana,Wulan sono herey sareng bapana,oge sono dinyaah ku bapana.
tapi ayena kaayaan tibalik kangge Wulan. Tapi sanajan bapa sareng ibuna sibuk,ciga nu teu paduli ka Wulan,aranjeunna nyaah pisan ka Wulan. Ibu sareng bapana Wulan sibuk  kangge ngabiayaan Wulan.
***
Sadidinteun Wulan diajar disakola,dugi ka ayena bel bubar sakola disada.Enggal - enggal Wulan uih ka bumina sareng sobat caketna."Lan uih kanu angkot?" Ceuk sobatna Wulan,Dista namina.
"Enya Dis" singkatna
"Ihh kumaha sih kamu mah Lan,bapa kamu kan kaya atuh.padahal mah jemput weh." Corocos Dista. Ti dinya cariosan sobatna ngena pisan ka hate Wulan.
"Ahh da aku mah di jemput papih" sambung Dista bari logat bahasa Indonesiana.
Wulan sirik ka sobatna,nu unggal dinten di antar-jemput ku bapana. Sedengken Wulan?ngobrol oge jarang.
Teu lami,Wulan dugi di bumina.
"Bi,ibu sareng bapa te acan uih?" Tanya Wulan ka Bi Narti nu nuju masak di dapur.
"Te acan non,palingan uihna wengi". Wulan masang ekspresi bete ngadangu jawaban eta.Teras leubet ka kamarna. Nyegruk cerik dikamar. Pok Wulan muka buku diaryna,terus nulis :
Bu,pa sanes ieu nu ku kuring harepkeun
Ninggalkeun jeung ngantep nu janten budak
Kuring sono ka aranjeun
Sono digegeuing jeung dipepeling ku cariosan nu janten indung jeung bapa
Tidieu kuring ngarasa nyorangan,teu amprok  raray jeung teu cumarita pangalaman
Didieu kuring ngaharep ibu jeung bapa aya
Ngaharep ibu jeung bapa mere perhatian
Ka anjeun bu,pa...
Ngan ka anjeun... kuring nyaah
*tok tok tok*
Sora panto kamar Wulan diketrok ku Bi Narti,nu ngaganggu konsentrasi nulis dibuku diaryna.
"Non,gera emam." Ceuk Bi Narti gogorowokan.
"Ahh engke dei weh bi"
"Ayena non,bisi te raraos." Bi Narti keukeuh keketrok panto,tapi masih te di buka sareng te aya waleran ti Wulan. Tos sababaraha dinteun Wulan ayena emang jarang ngisian patuanganna, mikiran terus sikap nu jadi bapa sareng ibuna ayena.
Jam nunjukeun tabuh 24.00. Bapa sareng ibuna Wulan nembe mulih ti kantorna.Tuluy nyamperkeun ka kamar Wulan,nyampa taar putri hiji-hijina eta
"Ihh panas geningan budak teh pa" ceuk Bu Rani ka Pa Ahmad.
"Ahh ieu mah pasti tadi teu diisian sangu." jawab Pa Ahmad bari nada kawatir.
"Atuh enjing mah ulah waka damel,urang pariksa hela ka dokter." Bu Rani mere saran ka Pa Ahmad sabab kawatir sieun kumaha onam.
***
Enjingna Pa Ahmad sareng Bu Rani henteu damel ka kantor,malah rek niat mariksa Wulan ka rumah sakit. Tapi nu diajak malah gigideug.
"Wulan alim ka rumah sakit bu,pa. Nu ku Ulan hoyong ngan bapa sareng ibu perhatian deui ka Wulan" ucap Wulan di tengah - tengah obrolan ibu-bapana,bari saetik nyeclakeun ci mata.
Ibu bapana ngarasa salah ka Wulan,sabab salami ieu tos ngantep Wulan,te ngarawat Wulan.
"Maafkeun bapa sareng ibu nya Lan,ibu salah tos ngantep Wulan. Ibu nyaah ka Wulan,ibu sibuk sabab ibu hoyong Ulan bahagia ku kaayaan sukses ibu." Jawab ibuna bari neteskeun ci panon kanyaah.
"Buu..Ulan teu hoyong kakayaan ieu,cukup caket sareng ibu bapa,Wulan bahagia bu." Tuluy Wulan nangkep ibuna,teu hilap oge bari nangkep bapana. Hate Wulan kasara reueus ninggal ibu sareng bapana aya ditangkepanana. Hal nu salami ieu ku Wulan harapkeun.
Saprak kajadian eta,ibu sareng bapana jadi lewih merhatikeun Wulan,teu sibuk teing ka padamelanna.Cukup ku kanyaah ti indung jeung bapa,bakal karasa nepi ka jiwa.ku katulusan oge kaayaan sederhana,tapi bisa nyieun bagja dina ngahijina sakeluarga. Sabab kanyaah indung jeung bapa leuwih berharga ti sagalana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar